PERLUNA KAUM RUMAJA DINA NGAMEKARKEUN BUDAYA
NASIONAL
Bubuka:
Wilujeung
Enjing Sadayana
Ibu/Bapak, saderek
sadaya, sareng rerencangan rumaja nu aya di ieu tempat sareng nu ku simkuring
dihormat. Wasta abdi Lindo Triandoli ti
IX.1. Dina waktu ieu simkuring baris medar biantara anu judulna: PERLUNA KAUM
RUMAJA DINA NGAMEKARKEUN BUDAYA NASIONAL
Eusi:
Para
saderek sadayana.
Unggal
bangsa di dunya tangtuna oge boga basa masing2 anu dijadikeun pikeun
ngayakeun hubungan hiji jelema jeung jelma sejenna dina hirup kumbuh sapopoe.
Dina basa kasimpen kabudayaan hiji bangsa. Tegesna mah basa teh nunjukkeun hiji
bangsa.
Urang
sadaya parantos terang yen negara indonesia teh ngabogaan
adat,suku,basa,agama,jeung tata kahirupan nu beda beda di unggal tempat. Syukur
ku ayana pancasila anu mangrupakeun dasar nagara, sanajan beda-beda kabudayaan
jeung tata kahirupan tapi tetep dina hiji beungkeutan, Negara Kesatuan Republik
Indonesia anu ngabogaan motto Bhineka Tunggal Ika.
Lamu ku urang
dibandingan kahirupan sapopoe, katinggalina para rumaja ayeunaloba anu kurang
wano ka basa sunda.henteu sakabeh rumaja dina jawabarat nu bogaan sikap seperti
kitu. Hal ieu kudu jadi kaprihatinan urang sarerea. Sabab sha deui nu miara
basa sunda. Kacida teuingteuingeunana lamun hal eta karandapan ku urang sunda.
Dina kasempatan
ieu kuring umajak saderek sadaya hayu urang babarengan miara basa sunda. Saha
deui nu baris ngajaga hirup-huripna,ngarila, miara basa sunda teh iwal ti
urang. Lamun urang ngamumule basa sunda lain hartina ueang primordialis atawa
provinsialis, tapi urang geus ngajaga jeung ngamekarkeun budaya daerah,budaya
nasional,geus milu partisipasi dina pangwangunan PJP II utamana di jawa barat
Panutub:
Basa
sunda teh milik urang, milik urang sunda, milik nagara indonesia. Maju indonesia.
Maju mundurna basa sunda, Mekar henteuna basa sunda gumantung ka urang, para
rumaja.
Mung
sakieu biantara ti simkuring. Hapunten pami aya cariosan anu kirang mereneh
dina manah.
Hatur
nuhun ka sadayana.
Hatur
Nuhun
Nami: Lindo
Triandoli Sinaga
Ti kelas: IX.1