Senin, 09 September 2013

Tugas Pidato basa sunda for mr. Herman

PERLUNA KAUM RUMAJA DINA NGAMEKARKEUN BUDAYA NASIONAL
Bubuka:
Wilujeung Enjing Sadayana
Ibu/Bapak, saderek sadaya, sareng rerencangan rumaja nu aya di ieu tempat sareng nu ku simkuring dihormat. Wasta abdi Lindo Triandoli ti IX.1. Dina waktu ieu simkuring baris medar biantara anu judulna: PERLUNA KAUM RUMAJA DINA NGAMEKARKEUN BUDAYA NASIONAL
Eusi:
Para saderek sadayana.
Unggal bangsa di dunya tangtuna oge boga basa masing2 anu dijadikeun pikeun ngayakeun hubungan hiji jelema jeung jelma sejenna dina hirup kumbuh sapopoe. Dina basa kasimpen kabudayaan hiji bangsa. Tegesna mah basa teh nunjukkeun hiji bangsa.
Urang sadaya parantos terang yen negara indonesia teh ngabogaan adat,suku,basa,agama,jeung tata kahirupan nu beda beda di unggal tempat. Syukur ku ayana pancasila anu mangrupakeun dasar nagara, sanajan beda-beda kabudayaan jeung tata kahirupan tapi tetep dina hiji beungkeutan, Negara Kesatuan Republik Indonesia anu ngabogaan motto Bhineka Tunggal Ika.

Lamu ku urang dibandingan kahirupan sapopoe, katinggalina para rumaja ayeunaloba anu kurang wano ka basa sunda.henteu sakabeh rumaja dina jawabarat nu bogaan sikap seperti kitu. Hal ieu kudu jadi kaprihatinan urang sarerea. Sabab sha deui nu miara basa sunda. Kacida teuingteuingeunana lamun hal eta karandapan ku urang sunda.
Dina kasempatan ieu kuring umajak saderek sadaya hayu urang babarengan miara basa sunda. Saha deui nu baris ngajaga hirup-huripna,ngarila, miara basa sunda teh iwal ti urang. Lamun urang ngamumule basa sunda lain hartina ueang primordialis atawa provinsialis, tapi urang geus ngajaga jeung ngamekarkeun budaya daerah,budaya nasional,geus milu partisipasi dina pangwangunan PJP II utamana di jawa barat
Panutub:
Basa sunda teh milik urang, milik urang sunda, milik nagara indonesia. Maju indonesia. Maju mundurna basa sunda, Mekar henteuna basa sunda gumantung ka urang, para rumaja.
Mung sakieu biantara ti simkuring. Hapunten pami aya cariosan anu kirang mereneh dina manah.
Hatur nuhun ka sadayana.

Hatur Nuhun

                                                       Nami: Lindo Triandoli Sinaga

                                                         Ti kelas: IX.1                                      

Tidak ada komentar:

Posting Komentar